Hirup mah sok silih tuduh ceuk anu anu gawe ngeunah keneh anu usaha da pemasukan na loba.ceuk anu usaha ngeunah keneh gawe teu kudu lieur mikiran untung jeung rugi ngan sa ukur gawe jeung narima gaji.
Lalakon hirup jelema memang teu bisa leupas dina masalah dunya.kadang ti isuk jeudur nepi ka peuting jeuder mikiran dunya neupi ka sakapeung mah mopohokeun kawajiban urang anu nomor hiji nyaeta ibadah ka anu maha kawasa eta anu bahaya mah.
Ceuk pangalaman simkuring mah anu ngaran gawe jeung usaha sarua keneh inti na mah ,boh dina resiko na atawa ka mungkinan bagja na.
Ayeuna lamun gawe kamungkinan bagja na aya boh dina naek jabatan tangtu oge naek pemasukan gaji na tergantung rajin heunteu na diri urang gawe.
Atuh resiko na lamun gawe teh naon nyaeta di pecat tea da anu ngaran ngaran gawe mah pasti bakal ngalaman di pecat atawa bahasa leumeus na di imah keun boh karna goreng gawe atawa karna usia geus kolot geus teu kapake tanaga na.
Lamun usaha ayeuna aya kamungkinan untung atawa rugi eta pasti.lamun hayang untung nya kudu giat jeung ngajaga kualitas usaha urang tapi balik deui ari gede leutik na hasil usaha urang eta mah gusti alloh anu nangtukeun nana,tah pami urang atos usaha terus nampi hasil na boh gede leutik na rejeki eta nami na syukur.
Saha jelema anu hayang ngalaman di pecat gawe atawa rugi dina usaha,moal aya anu ngadoa "ya alloh abi hoyong rugi" atawa "ya alloh abi hoyong di pecat".
Tah ka simpulan na dina impleungan di luhur teh nyaeta,gawe jeung usaha sarua wae resiko jeung kemungkinan bagja na,urang bade milih jadi pagawe atawa usaha sorangan,pilih mana pacabakan anu bakal mawa ngadeukeut urang jeung anu mahakawasa.
Urang gawe ngeunah tapi ibadah teu leluasa sanajan gaji na gede komo lamun gaji na leutik trus waktu ibadah di peuncit dua kali cilakan na ge.
Urang usaha oge sarua kadang sok kasieunan lamun teu giat sieun teu ka cumponan pamaksadan hirup neupi teu karasa waktu ibadah kalewat,ari matak lalai kanu ibadah mah usaha oge teu jongjon.
Hirup jongjon moal sieun di pecat atawa sieun rugi lamun urang hirup tawekal ka gusti alloh .da sagala na oge kagungan gusti Alloh.
Mugi mugi urang di pasihan kasehatan sareung hidayah kanggo ibadah sareung milari rejeki anu halal dina jalan gusti Alloh amin yarabb
Minggu, 26 Februari 2017
Pepeling Abah Marna Soal Gawe Jeung Usaha
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar